Bandung (ANTARA) - Lagu pop Sunda "Jangji Kamari" yang dinyanyikan Nazmi Nadia saat ini tengah viral di sosial media (sosmed).
Berikut lirik lagu "Jangji Kamari":
Pupusna hareupan dedeuh cinta urang
Firasat aya nu lian
Anjeun mah sulaya pinuh sandiwara
Boa anjeun pindah rasa
Kungsi matri jangji
Satia saati
Mugia sing paheut deui
Hate nu honcewang
Waas neteup bulan
Estu ngantos anjeun mulang
Geulis sing percaya
Akang mah satia
Tuh bulan bentang saksina
Najan anggang raga
Kahalang sagara
Mung anjeun nu dipicinta
Jangji nu kamari
Teu kungsi kaganti
Pageuh teu laas ku wanci
Tebih dina soca
Mung cakeut di du'a
Cinta urang salamina
---
Mana jangji akang nu baheula
Mana sumpah engkang nu bihari
Hanas abdi nganti siang wengi
Horeng ngan ukur mere hareupan
---
Luhurna gunung moal matak jadi kabendung
Lega sagara teu bisa megatkeun rasa
Eta jangji akang sautuhna
Tuh bulan saksina tuh bentang saksina
Sumpah jangji dugi ka ahir dunya
Reff:
Tuh bulan saksina mawa beja
Asih urang geuning di tungtung carita
Bentang teu nyarengan ningalkeun hate nu melang
Ukur ka anjeun diri neundeun hareupan
Duh mugi gusti kiatkeun diri
Tali asih urang sing janten ngahiji
Najan lobana gogoda tumiba ka diri
Ukur anjeun nu jadi cinta sajati
Baca juga: Lirik lagu "Ibarat Raheut" - Masder & Chelen: Bikin nyesek!
Baca juga: Lirik lagu 'Jomblo' - Yayan Jatnika, Kisah pria cari cinta dari Banjaran, Soreang sampai Pangalengan
Baca juga: Lirik lagu 'Oncom Gondrong' - Bungsu Bandung, Rilisan 1987 yang viral di TikTok!
Pewarta: Jabar AntaranewsEditor : Riza Fahriza
COPYRIGHT © ANTARA 2026
Dilarang keras mengambil konten, melakukan crawling atau pengindeksan otomatis untuk AI di situs web ini tanpa izin tertulis dari Kantor Berita ANTARA.